Minggu, 29 Juni 2008

Kabayan jeung Nyi Iteung, Romantisme ki sunda nu mawa kasukaan dina akhir carita

Kenal jeung carita shakespeare, Romeo and Julliet? atawa carita ti daratan china Sam Pek Eng Tay?atawa ki silah apal kana carita Kabayan jeung Nyi Iteung?

Tilu carita eta sarua ngan saukur caritaan wungkul euweuh benerna, da memang dijieun keur ngeusian waktu dina kaayaan ngadu bako. Carita bohong pondokna mah. Ngan bedana dua carita nu disebut tiheula mah mawa ahir carita nu matak ngenes, nya eta kabeh tokohna paraeh,....tapi ari carita urang sunda mah henteu kitu, da kabayan jeung nyi iteung mah paranjang umur najan bisa dianggap teu hirup dina kaayaan nu leuwih, ih ilahar we jeung urang sakabeh, ngantri beas, pareum lampu, hese meuli asin, ah jeung sajabana we.

Si Kabayan jeung Nyi Iteung, bisa ningalikeun kasobaran urang sunda dina nyanghareupan kahirupan. Rek susah atawa senang maranehanana teu loba getreng, jeung teu loba carita....estu layeut,...nepi ka ahir jaman.

Ki Sunda,Carita nu Bakal Ilang

Tadina mah ngan saukur heuheureuyan nulis di blog teh, asa hayang memanifestasikan diri jeung kanyahoan ku sakabeh jalma, teuing nu ngahaja neangan atawa anu kasasar dina dunya maya. Hayang ningalikeun ka sakumna bangsa-bangsa di sakuliah dunya yen Bangsa Sunda teh lain ngan saukur bangsa nu aya di kampung-kampung nu teu kenal jeung kamodernan.

Ku kuring ayeuna dimimitian yen urang sunda bakal ningalikeun diri ka pangeusi dunya jeung ningalikeun kahebatan cara mikirna.