Sabtu, 06 September 2008

Kabayan Ngumbara di Kota Medan

Geus opat taun kuring nyaba jeung ngumbara di kota medan teh, alatan ku tugas jeung promosi jabatan eta oge ditarima teh da mun teu ngudag eta mah hoream teuing jauh jeung anak pamajikan nu ayeuna dititipkeun ka nini akina nu asli pituin trah Majapahit. Ah, ari inget ka eta, komo basa maca buku "Perang Bubat" karyana Langit Kresnayadi,...sok asa teu genah da rumasa ngabohongan ka Paduka Prabu Linggabuana nu nemon ajal di tanah bubat sawaktu ngenteur anakna nyaeta Neng Arum Nyimas Dyah Pitaloka.

Urang balikan deui ngeunaan kuring, kulantaran tugas jeung nemonan kawajiban salaku kepala rumah tangga nya nepi ka opat taun kuring cicing di nagri jauh, nu ceuk kolot mah nagri jalma edan, enya urang batak maksudna mah, da teu kitu kumaha atuh waktu kampung kadatangan urang medan, nu sukuna batak toba tea, bageur si abang teh, tapi teu nyangka waktu maleman tujuh belasan inyana jeung babaturanana keur ngarerejang si coklat, anjing kampung, nu iceus di lembur. Ari ceuk barudak nu manggihan mah cenah sirah si coklat teh diprekprek ku batu, terus getihna ditandean ku rantang tuluy diarinum ku si abang jeung 3 babaturanana.

Atuh beja eta teh nepi ka sakabaeh kampung, harita kabeneran pisan bapak kuring nu jadi ertena, nya si abang teh di panggil, jeung ku sakabeh tokoh di kampung, ari jawabanana teh cenah da ari di medan mah, kitu teh biasa salian ti kitu ceuk manehna, maranehna teh penganut Pantekosta nu vegetarian tea, ari sapamanggih bapak mah, vegetarian teh tara dahar daging, sok komo daging anjing mah.

Nya atuh ku bapak, ti harita dibere bongbolongan sangkan si abang pindah ti kampung eta. Disakseni ku sakabeh tokoh masyarakat, alesana urang kampung teu narima kana alesana.

Minggu, 17 Agustus 2008

Kunaon Budak Ceurik, Neng?

Kunaon budak ceurik, Neng?
Kitu kira-kirana mah waktu kuring nanya ka Pamajikan, kusabab waktu mulang ti pagawean teh katingali Kresna, budak kuring jeung pamajikan, keur ceurik sesenggukan di juru imah.

Ceuk pamajikan mah, ceunah kulantaran hayang dahar es krim.

Minggu, 29 Juni 2008

Kabayan jeung Nyi Iteung, Romantisme ki sunda nu mawa kasukaan dina akhir carita

Kenal jeung carita shakespeare, Romeo and Julliet? atawa carita ti daratan china Sam Pek Eng Tay?atawa ki silah apal kana carita Kabayan jeung Nyi Iteung?

Tilu carita eta sarua ngan saukur caritaan wungkul euweuh benerna, da memang dijieun keur ngeusian waktu dina kaayaan ngadu bako. Carita bohong pondokna mah. Ngan bedana dua carita nu disebut tiheula mah mawa ahir carita nu matak ngenes, nya eta kabeh tokohna paraeh,....tapi ari carita urang sunda mah henteu kitu, da kabayan jeung nyi iteung mah paranjang umur najan bisa dianggap teu hirup dina kaayaan nu leuwih, ih ilahar we jeung urang sakabeh, ngantri beas, pareum lampu, hese meuli asin, ah jeung sajabana we.

Si Kabayan jeung Nyi Iteung, bisa ningalikeun kasobaran urang sunda dina nyanghareupan kahirupan. Rek susah atawa senang maranehanana teu loba getreng, jeung teu loba carita....estu layeut,...nepi ka ahir jaman.

Ki Sunda,Carita nu Bakal Ilang

Tadina mah ngan saukur heuheureuyan nulis di blog teh, asa hayang memanifestasikan diri jeung kanyahoan ku sakabeh jalma, teuing nu ngahaja neangan atawa anu kasasar dina dunya maya. Hayang ningalikeun ka sakumna bangsa-bangsa di sakuliah dunya yen Bangsa Sunda teh lain ngan saukur bangsa nu aya di kampung-kampung nu teu kenal jeung kamodernan.

Ku kuring ayeuna dimimitian yen urang sunda bakal ningalikeun diri ka pangeusi dunya jeung ningalikeun kahebatan cara mikirna.